Pages

Labels

Kamis, 19 Agustus 2010

SASAKALA KAMPUNG BATUKARUT SUKABUMI

WASTA          : YULI S RAHMAWATI
KELAS           : 2B
NIM                :1000974

SASAKALA KAMPUNG BATUKARUT SUKABUMI

Kampung batukarut nu aya di wewengkon sukabumi,tepatna di kecamatan sukaraja,desa langensari ka bentuk dina awal taun 1971.mimiti kabentukna ieu kampong téh nyaéta ku ayana pembangunan waduk batukarut.
Asal muasal di ngaranan batukarut,kulantaran jaman baheula di kampung anu acan aya narana ieu aya hiji pabukitan anu mangrupa leuweung lindung anu ngandung cai nyusu.di pabukitan éta téh aya Batu anu gedé.Batu éta aya di handapeun tangkal Caringin anu masih leutik keneh,akar tangkal caringin éta ngagapuy nepi kana taneuh.tuluy ka handapeun batu nu tadi.
Lila kalila tangkal caringin téh ngagedéan sarta ngajangkungan,akar tangkalna nu ngagapuy  tadi téh ngangkat atwa ngais batu nu aya handapuna,nepika éta batu the ka kerut nepika kaluhur.
Teu lila ti harita tangkal Caringin anu ngerut batu téh rugrug ku lantaran taneuhna ka bawa ku cai anu bijil ti jero tangkal.Cai nyusu nu kaluar tina jero tangkal téh kacida poharana.ari  batu nu kakerut tadi kakeueum ku cai nyusu.Tisaprak harita masyarakat nu aya  di sabudeureu éta tempat nyebut tempat éta Batukarut.
Kiwari cai nyusu nu kalur tina tangkal caringin téh di mangpaatkeun sarta di taliti ku Dinas perairan kabupaten Sukabumi, sarta dina awal taun 1970an dinas ngawangun waduk pikeun irigasi nu bias di mangpaatkeun ku masyarakat. Lian ti éta waduk batukarut jadi sumber perairan boh kabupaten jeung kota Sukabumi.


0 komentar:

Posting Komentar

 
Free Bulls Eye Purple Cursors at www.totallyfreecursors.com

Postingan Populer